Contoh Pidato Sunda Bertema Bubuka Dina Acara Lawung Budaya dan Contoh Bubuka Biantara Singkat

Sunanesia.com – Berikut kami sampaikan contoh biantara Sunda yang sangat mudah, singkat dan gampang untuk difahami.

Kami sajikan bagi anda yang tengah mencari pidato Bahasa Sunda, berikut contoh naskah dengan tema bubuka dina acara Lawung Budaya.

Teks pidato biantara Sunda ini baik digunakan untuk masyarakat yang menggemari budaya sebagai salah satu kegiatannya.

Simak teks berikut yang berisi pidato biantara Sunda atau pidato yang menggunakan Bahasa Sunda singkat dan padat.

Langsung saja berikut contoh biantara Sunda dengan tema bubuka dina acara Lawung Budaya menggunakan Bahasa Sunda sangat cocok dijadikan sebagai referensi.

Contoh Pidato Sunda Bertema Bubuka Dina Acara Lawung Budaya

Assalamu’alaikum Warahmatullah Wabarakatuh

Bismillah, Alhamdulillah

Alhamdulillahirobbil Alamin, wabihi nastainu ala umuriddunia wa din.

Allahumma sholli ala sayyidina wamaulana Muhammadin wala alihi washohbih, waman tabiahu wajamaathu min yaumina hadza ila yaumi nahdhoh.

Puji rawuh rasa sukur langkung ti payun dihaturkeun ka hadirat Ilahi Robbi.

Anu parantos maparin pareng ka urang sadaya dugi ka tiasa tepung lawung dina danget ieu.

Kantenan pisan sim kuring seja ngahaturkeun pinten-pinten nuhun.

Utamina ka Bapa Bupati Pandeglang, ka parapajabat pamaréntah nu

Contoh Bubuka Biantara Singkat (Pixabay).

ngahaja ngersakeun sarumping.

Ka sadérék-sadérék anu ngahaja

sumping ti tebihna, ti Provinsi Banten, ti Serang, ti Cilegon, ti Lebak, sareng ti Tangerang.

Kantenan ka pribumi urang Pandeglangna mah sim kuring ngahaturkeun réwu-réwu nuhun.

Wiréh kersa ngaluuhan ieu riungan Lawung Budaya.

Katumampian nu teu kinten ageungna henteu hilap ku sim kuring dihaturkeun ka pun lanceuk.

Ceu Tien Rostini Asikin, anu taya reureuhna kencar-kencir ngiring kaririweuhan.

Ti nalika tatahar tug dumugi ka tiasa kawujudkeunana ieu riungan.

Parasadérék anu ku sim kuring dipihormat.

Ku pangjurung ti mitra-mitra anu sering riungan, sim kuring kapentés gawé.

Kedah sumanggem pikeun ngedalkeun naon anu janten purwa lantaran.

Sareng naon anu janten maksad

katut tujuan urang ayeuna ngayakeun acara Lawung Budaya.

Sim kuring nu katempuhan, tamaha rumaos sim kuring pisan.

Anu awitna ngabijilan hoyong ngayakeun Lawung Budaya di unggal kabupatén nu aya di Tatar Sunda téh.

Tumali sareng éta, neda widi sim kuring seja muka tungkus pamaksudan, ngedalkeun anu lawas kapiangen.

Demikianlah artikel yang berjudul Contoh Pidato Sunda Bertema Bubuka Dina Acara Lawung Budaya dan Contoh Bubuka Biantara Singkat.

Semoga dengan adanya artikel ini dapat bermanfaat bagi kita semua sekian dan terima kasih.***

Sumber: Buku

Mungkin Anda Suka